“Kar,
naha nya ari
bata beureum, kahitutan hejo?” kuring nanya ka Ki Sobat anu harita keur anteng
lalajo basket di buruan sakola.
“ Nu bener Ren?” manehna ngajawab saregep naker, atuh panon kuring ge cul we ka Si Honey mah,nu keur anteng lulumpatan mamawa bal di lapang basket, asupkeuneun kana ring .
“ Teu percaya? Pek we buktikeun!” cekeng daria naker.
Bet ku teu sangka atuh, kojengkang manehna ka pipir bari ngenyang leungeun kuring, kop nyokot bata nu ngentep gigireun tembok sakola. Kuring tangka titatarajong nuturkeun manehna nu lumpat bari nyenyekel leungeun kuring..
“Tempo nya! “ omongna bari gog cingogo luhureun bata, sedut-sedut si bata dihitutan. Geus kitu tuluy dipelong. Kitu jeung kitu we kalakuanana teh, aya kana tilu kalina. Kuring ukur neuteup hareugeuun.
“ Ukar, ari maneh nanaonan..jiga nu teu hideng? Lieur siah urang mah ngambeu hitut maneh!”
“ Ah puguh Ente nu teu baleg mah! Gede wadul dibeakeun ku sorangan. Eta katingali gening mana buktina, pajar ceuk Ente,bata beureum mun kahitutan bakal hejo. Buktina? Dibekok ku urang sababaraha kali angger we beureum!”
Si Ukar morongos tangka buncelik panonna, pedah asa dilejokeun ku kuring. Atuh cakakak kuring seuri kuat ka bijil cipanon. Teu nyangka pikiranana bakal nepi ka dinya.
“ Ukar..Ukar, urang mah tara ngabohong. Hayu urang buktikeun ari hayang jelas mah!” cekeng bari panon mah rarat-reret neangan daun kahitutan dina sela-sela gomplokna Ki Beling nu jadi pager sakola. Kabeneran manggih. Pit we mipit sagagang.
“ Tempo kadieu Kar. Tah ieu bata nu tadi tea nya, pulasna naon?” pok teh bari ngacungkeun bata ka hareupeunana.
“ Beureum! “ pokna tandes.
“ Ari ieu naon? Pulasna kumaha?” cekeng bari ngasongkeun daun kahitutan beunang metik tina sela-sela Ki Beling tea.
“ Heuuuyy..nya eta mah kahitutan , jelas atuh pulasna hejo! ‘ omongna bari kerung….
“ Jadi bener pan sakumaha ceuk Urang, bata beureum ari kahitutan mah hejo?”Hayoh jawab lain olohok!”
Barakatak manehna seuri meni nyakakak…
“ Reniiiiiiiiiiiii Ente nu pinter aing nu bodoooo…rek nepi ka iraha siah ngeleg wae ka uiiiing…” ceuk manehna bari kek kana leungeun rek ditewak , kuring geuwat ngagiwar, mun teu kitu , geus moal salah kana diparieuskeun ieu leungeun leutik teh…
Ah..carita di luhur teh carita puluhan taun ka tukang jaman kuring jeung manehna sakola di SPGN Cimahi. Kahudang deui teh pedah tadi narima telepon, teu sangka Ki Sobat Ukar Sukarya nu nelepon teh, ngabejaan manehna rek hajat. Omat cenah kuring sakulawarga kudu datang da kacida pisan sonona.
Teu kacipta kumaha ke mun tepung deui jeung manehna. Sobat nu kacida bageurna, kacida belana, kacida satiana sarta kacida pisan polosna. Kuring sabatur-batur mindeng dihukum guru lantaran cilaka ku kapolosanana. Ayeuna kari waasna, ceuk beja manehna geus jadi inohong..Can nanaon ge kuring geus ngabelenyeh sorangan….Inget kana omongan manehna dina telepon, asa euweuh harib-harib gaya inohong. Angger we Ukar Sukarya…..Paur ngabekok deui we kuring mah…Ah rek taki-taki lumpat we mun kitu teh.

Tidak ada komentar:
Posting Komentar