Sabtu, 28 Januari 2012

hilang dan kembali

Hari ini ia pergi
Membawa pesan dari ilahi
Apakah sahabat telah mati?
Tidak! Hanya tikus yang mati
Mereka telah teracuni
Jagung hijau milik petani
Menggenggam janji
Seperti menggenggam mawar berduri
Apakah kau tahu arti sahabat sejati?
Sahabat bak burung merpati
Selalu bersama dalam keluarga inti
Selalu berbagi saat jagung berlari
Meskipun dia pergi, kelak pasti kembali

katakata

Cinta yang baru, menjadikan kenyataan yang buruk lebih indah daripada impian, wajah yang buruk sebagai ciri khas yang menarik, dan perilaku yang buruk sebagai kelucuan sementara.

Setelah kabut keemasan cinta sirna bersama hembusan angin realita, bertambahlah jumlah jiwa yang meratap dalam kekecewaan cinta.

Hmm ...
...
Harapan cinta, semakin tidak masuk akal, semakin pedih kekecewaan karena palsunya kenyataan.

Tapi,

Bukan cinta, jika tidak beresiko besar.
Setiap orang mempunyai masalah
dan kekhawatirannya masing-masing.

Demikian juga Anda.

... Janganlah merasa khusus
dalam rasa khawatir Anda.

Kehidupan ini tidak merencanakan
penderitaan bagi Anda dan siapa pun.

Maka, tegaskanlah diri Anda
untuk menjadi pribadi yang berbahagia.

Pastikan bahwa senyum, tawa, dan
penghormatan Anda kepada sesama
dan kehidupan ini, menjadi lebih besar
daripada kesedihan Anda.

Rabu, 25 Januari 2012

kabayan si kabayan


Tengah poe, Si Kabayan nguniang hudang dan teu kuat beuteung lapar. Karayap kana meja makan tapi kacida ngajenghokna waktu muka tutup meja, di jerona teh ngan ukur aya bal plastik we hiji ngajentul dina piring.
Gawawak nyalukan Si iteung nu keur anteng sili siaran jeung tatanggana.
Kabayan : Iteung! Ari sia geus teu eling..piraku aing kudu ngadahar bal?
Iteung : Na make jeung nyebut teu eling sagala, nya eta dahareun nu aya. Teu kudu loba omong rek
dahar mah dahar we naon hesena!

Kabayan : Pek atuh contoan ku sia kumaha cara ngadaharna…
Iteung : Sangeuk teuing aing mah teu beuki bal..!
Kabayan : Sarua aing oge teu beuki!
Iteung : Endeuuuhhh…wadul siah! Sakitu unggal peuting lalajo parat-parat nepi ka subuh teh!
Tibeurang ngaguher nepi ka poho usaha, geus puguh kana ibadah mah cul laur pisan.
Batur mah ieuh, rek lalajo nepi ka nolol panon ge da baroga usaha, baroga gajih bulanan
Ari urang rek dahar ti mana mun teu usaha? Matak wayahna poe ieu mah geus koredas
euweuh nanaon. Lapar mah eta wae bal plastik gegelan!

Dikitukeun mah Si Kabayan ngahuleng teu bisa ngajawab deui…..Rumasa kajongjonan teuing lalajo World Cup nepi ka poho kana usaha, bet inget ka Ki Alnasan..enya nu kieu teh Gozul Fikri tea meureunnya…

ki sobat


“Kar, naha nya ari bata beureum, kahitutan hejo?” kuring nanya ka Ki Sobat anu harita keur anteng lalajo basket di buruan sakola.
“ Nu bener Ren?” manehna ngajawab saregep naker, atuh panon kuring ge cul we ka Si Honey mah,nu keur anteng lulumpatan mamawa bal di lapang basket, asupkeuneun kana ring .
“ Teu percaya? Pek we buktikeun!” cekeng daria naker.
Bet ku teu sangka atuh, kojengkang manehna ka pipir bari ngenyang leungeun kuring, kop nyokot bata nu ngentep gigireun tembok sakola. Kuring tangka titatarajong nuturkeun manehna nu lumpat bari nyenyekel leungeun kuring..
“Tempo nya! “ omongna bari gog cingogo luhureun bata, sedut-sedut si bata dihitutan. Geus kitu tuluy dipelong. Kitu jeung kitu we kalakuanana teh, aya kana tilu kalina. Kuring ukur neuteup hareugeuun.
“ Ukar, ari maneh nanaonan..jiga nu teu hideng? Lieur siah urang mah ngambeu hitut maneh!”
“ Ah puguh Ente nu teu baleg mah! Gede wadul dibeakeun ku sorangan. Eta katingali gening mana buktina, pajar ceuk Ente,bata beureum mun kahitutan bakal hejo. Buktina? Dibekok ku urang sababaraha kali angger we beureum!”
Si Ukar morongos tangka buncelik panonna, pedah asa dilejokeun ku kuring. Atuh cakakak kuring seuri kuat ka bijil cipanon. Teu nyangka pikiranana bakal nepi ka dinya.
“ Ukar..Ukar, urang mah tara ngabohong. Hayu urang buktikeun ari hayang jelas mah!” cekeng bari panon mah rarat-reret neangan daun kahitutan dina sela-sela gomplokna Ki Beling nu jadi pager sakola. Kabeneran manggih. Pit we mipit sagagang.
“ Tempo kadieu Kar. Tah ieu bata nu tadi tea nya, pulasna naon?” pok teh bari ngacungkeun bata ka hareupeunana.
“ Beureum! “ pokna tandes.
“ Ari ieu naon? Pulasna kumaha?” cekeng bari ngasongkeun daun kahitutan beunang metik tina sela-sela Ki Beling tea.
“ Heuuuyy..nya eta mah kahitutan , jelas atuh pulasna hejo! ‘ omongna bari kerung….
“ Jadi bener pan sakumaha ceuk Urang, bata beureum ari kahitutan mah hejo?”Hayoh jawab lain olohok!”
Barakatak manehna seuri meni nyakakak…
“ Reniiiiiiiiiiiii Ente nu pinter aing nu bodoooo…rek nepi ka iraha siah ngeleg wae ka uiiiing…” ceuk manehna bari kek kana leungeun rek ditewak , kuring geuwat ngagiwar, mun teu kitu , geus moal salah kana diparieuskeun ieu leungeun leutik teh…
Ah..carita di luhur teh carita puluhan taun ka tukang jaman kuring jeung manehna sakola di SPGN Cimahi. Kahudang deui teh pedah tadi narima telepon, teu sangka Ki Sobat Ukar Sukarya nu nelepon teh, ngabejaan manehna rek hajat. Omat cenah kuring sakulawarga kudu datang da kacida pisan sonona.
Teu kacipta kumaha ke mun tepung deui jeung manehna. Sobat nu kacida bageurna, kacida belana, kacida satiana sarta kacida pisan polosna. Kuring sabatur-batur mindeng dihukum guru lantaran cilaka ku kapolosanana. Ayeuna kari waasna, ceuk beja manehna geus jadi inohong..Can nanaon ge kuring geus ngabelenyeh sorangan….Inget kana omongan manehna dina telepon, asa euweuh harib-harib gaya inohong. Angger we Ukar Sukarya…..Paur ngabekok deui we kuring mah…Ah rek taki-taki lumpat we mun kitu teh.